[BANDUNG] – Apresiasi Pilem Pondok Sunda UPI 2025

#BANDUNG

CALAKAN PRODUCTION
Seja midangkeun

BANGKAR
Buntu laku jeung kagémbang ku haréwosna sétan ngabalukarkeun kahirupan Darma ilang kamarasan. Ditéma ku baruang lingkungan mawa manéhna beuki jauh tina ajén bebeneran.

PANTO
Bédana sawangan antara Abdul Karim jeung bapana anu ngalantarankeun paséa rongkah téh. Padahal teu pira, wungkul sual perenahna panto. Ceuk bapana, merenahkeun panto téh kudu tuhu kana tetekon karuhun, ari Abdul Karim boga sawanganana sorangan

Naha Darma bisa balik deui ka jalan hirup nu mawa kamarasan?

Naha bakal balik deui tatali batin antara Abdul Karim jeung bapana anu pukah téh?

Hayu, urang sakséni!
Pidangan Pilem “Panto” & “Bangkar” anu baris dilaksanakeun

Senén, 6 Januari 2025
Sési 1 | 08.00 WIB
Sési 2 | 10.00 WIB
Sési 3 | 13.00 WIB

Auditorium FPBS Lt. 4
INFAQ!

Tikét bisa diaksés dina tautan ieu di handap : https://bit.ly/NongtonCalakan

Diantos kasumpinganana, nya!


Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *